Wilujeng Sumping di Blog Susundaeun | Blogna urang Sunda anu can nyunda | Ampun Paralun Ka Kersa Linuhung | Amit menta Ka Hiyang Jagat Kersa | Amit, amit, amit

Dongeng sunda

Lain gula lain uyah

Minangka pangjajap kana seratan anu munggaran, simkuring kagungan sekedik obrolan ngenaan Sunda kieu obrolanana teh:
Kuring kungsi nanya ka hiji kolot, anu kiwari geus taya dikieuna. Kuring nanyakeun ngeunaan naon ari Snnda. Eta kolot mere gambaran anu kuring tacan kungsi ngadengena. Kieu cenah: "Jalu! Sunda teh lain gula,  lain uyah deuih. Tapi sunda teh amis, sunda teh asin". Kuring ngahuleng sakedapan, panasaran tuluy nanya: "Jadi naon atuh sunda teh?. he he he he...ki kolot ngehkeh wangun genah, bungah ningali kuring anu gantung dengeeun. Teu tuluy ngajawab. Suruput kana ci teh panas, nyot kana udud daun kawungna wangun betah tumaninah estu taya bangbaluh, sok sanajan hirup basajan."Kieu jalu, ari sunda teh rasa, nu ngancik di manusa. Jadi lamun rek neang asin teu kudu dina uyah, mun rek neang amis teu kudu dina gula. Matak tong aneh lamun loba urang sunda nu geus teu nyunda, ibarat uyah leungit asina". Ooooh! jadi kitu ki?."Heueuh jalu, pek teang sunda teh dina diri". Peun

Mangga ka saderek anu ngalangkung ka palih dieu, bilih kagungan pamendak tiasa nyerat dina komentar. Hatur nuhun sateuacana

2 comments:

  1. haturnuhun kana seratannana mung masih keneh teu kahartos dina milarian sunda dina jati diri, naon hub antawis kisunda sareng jati diri haturnuhun sateacanna.

    ReplyDelete
  2. @Sugiman:Hatur nuhun kana ka sayogiana ngomentaran ieu seratan. Enteng bangga saleresnamah, upami tos ngeunaan rasa sareng jati. margi nu kapendak ku sim kuring mah eta tos ngenaan palsafah kahirupan sakur manusa anu ujung-ujungna janten prinsif hirup sarta sesah diganggu-gugatna. Sakedik conto anu kapendak ku sim kuring mah ibarat soca kaancikan awas. Kantun manusana pribadi anu tiasa ngaropea kamana metaken eta awas. Dugika tepang antawis rasa sareng jatina. kitu rupina. Pangapunten bilih kirang nyugemakeun walerana.

    ReplyDelete